Carita pondok bahasa Sunda atau carpon Sunda termasuk dalam karya rekaan fiksi yang ditulis berdasarkan pemikiran si pengarang menggunakan bahasa Sunda. Yuk, baca contoh dan ulasan lengkapnya di sini!
Melansir berbagai sumber, carpon alias carita pondok dalam bahasa Sunda merupakan karya sastra dalam bentuk prosa.
Cerita ini sama halnya dengan novel tetapi cerita yang dituangkan berbalut bahasa Sunda dengan isi yang lebih pendek.
Dikarenakan ceritanya yang pendek itulah carpon Sunda hampir sama dengan dongeng Sunda dan dibedakan lewat tema yang diusung atau sifat khayalannya.
Ciri Ciri Carita Pondok Bahasa Sunda
- Dapat selesai dibaca dalam sekali waktu
- Alurnya tidak kompleks dan hanya berpusat pada satu kejadian
- Memberi kesan seolah-olah kejadian dalam cerita benar-benar terjadi
Unsur Intrinsik dan Ekstrinsik
Dalam suatu carpon bahasa Sunda umumnya terdapat dua unsur yang menyertainya, yaitu intrinsik dan ekstrinsik.
Adapun unsur intrinsik meliputi beberapa hal seperti
- pelaku,
- amanat,
- tema,
- latar, dan
- galur atau alur cerita.
Sementara itu, unsur ekstrinsik carpon Sunda meliputi
- nilai-nilai yang terkandung dalam carita pondok;
- latar belakang kehidupan pengarang; dan
- situasi sosial.
Siapa Saja Pengarang Carpon Sunda?
Pengarang novel bahasa Sunda sangatlah banyak dengan karakter tulisan yang khas. Ini dia beberapa di antaranya:
“Baruang Ka Nu Ngarora”
- Pengarang: D.K. Ardiwinata
- Taun terbit: 2013
- Penerbit: Kiblat Buku Utama
“Pusaka Ratu Teluh”
- Pengarang: Moh. Ambri
- Taun terbit: 2013
- Penerbit: Kiblat Buku Utama
“Munjang”
- Pengarang: Moh. Ambri
- Taun terbit: 2008
- Penerbit: Kiblat Buku Utama
“Ngawadalkeun Nyawa”
- Pengarang: Moh. Ambri
- Taun terbit: 2014
- Penerbit: Kiblat Buku Utama
“Numbuk di Sue”
- Pengarang: Moh. Ambri
- Taun terbit: 2012
- Penerbit: Kiblat Buku Utama
Contoh Carpon Bahasa Sunda
1. Contoh Carpon “Nyieun Endog Gulung“
Dinten Minggu kamari, abdi sareng rerencangan ngadamel endog gulung. Abdi, Ahmad, sareng Asep sasarengan minangka hiji kelompok.
Tugas ieu kaitung gampil kusabab bahan-bahanna oge kawilang babari dipilarian sareng hargana teu awis.
Abdi jeung Ahmad sasarengan angkat ka bumi Asep dinten Minggu sore kanggo ngadamel endog gulung. Artos sadayana parantos disiapkeun samemehna, kitu oge sareng parabotan masakna.
Teu pati ngantosan lami, Ahmad jeung Asep angkat meser bahan-bahan ka warung sedengkeun abdi ngantosan di bumi Asep sabari nyiapkeun alat-alatna. Tau kungsi lila, Ahmad jeung Asep torojol uih ti warung.
“Hayu buru, urang geura langsung bae ngadamel endog gulung bisi kaburu maghrib!”, ceuk abdi make nada nu rada teges.
Singket carita, endog didadar ditambih bumbu-bumbu. Di tempat sejenna teu jauh ti abdi ngadadar endog, minyak goreng luhureun katel geus panas.
Ari geus kitu mah langsung bae eta endog nu didadar teh diasupkeun kana katel tuluy digulung-gulung make kai samodel tusuk sate.
“Yeuh, jadi, euy,” Ahmad surak lantaran endog gulung jieunan manehna geus jadi.
Kitu oge endog gulung jieunan Asep nu katinggalina ngeunah sabab dibere saos.
Sanggeus rengse, kabeh endog gulung nu geus kakumpul difotoan yen jadi bukti ka guru.
Rasa endog gulung lain jadi partimbangan nu dinilai ku guru kusabab geus diwanti-wanti panilaian diitung tina kerja sama jeung hasil.
Terjemahan:
Hari Minggu lalu, saya dan teman-teman membuat telur gulung. Saya, Ahmad dan Asep bersama-sama tergabung dalam satu kelompok.
Tugas ini terbilang mudah karena bahan-bahannya mudah dicari dan harganya murah.
Saya dan Ahmad bersama-sama pergi ke rumah Asep pada Minggu sore untuk membuat telur gulung. Uang dan peralatan telah disiapkan sebelumnya, begitu pula dengan peralatan masak.
Tak menunggu lama, Ahmad dan Asep berangkat bersama membeli bahan-bahan ke warung sedangkan saya menunggu di rumah Asep sembari menyiapkan alat-alat. Tak perlu menunggu lama, keduanya tiba.
“Ayo cepat, langsung saja kita bikin telur gulung, nanti keburu maghrib!” kata saya dengan nada sedikit tegas.
Singkat cerita, telur mentah didadar dan ditambah bumbu-bumbu. Di tempat lainnya tak jauh dari saya mendadar telur, minyak goreng di atas wajan telah panas.
Setelah itu, telur yang telah didadar dimasukkan ke dalam wajan berisi minyak lantas digulung-gulung menggunakan bambu seperti tusuk sate.
“Ini, jadi,” seru Ahmad yang berhasil membuat telur gulung bikinannya.
Begitu pula telur gulung buatan Asep yang tampak enak karena diberi saus.
Setelah selesai, semua telur gulung yang telah terkumpul difoto untuk jadi bukti kepada guru.
Rasa dari telur gulung bukan jadi pertimbangan utama penilaian.
Pasalnya, para guru telah mewanti-wanti jika penilaian didasari dari kerja sama dan hasil yang dibuat.
2. Contoh Carpon Sunda “Liburan ka Bandung”
Liburan taun kamari abdi sakulawargi angkat ka Bandung dina rangka liburan.
Abdi sadayana angkat sapoe sanggeus nampi rapot.
Dugi di Bandung, abdi sakulawargi ngadatangan tempat raramean jiga Dusun Bambu jeung Kebon Binatang.
Sanggeus bosen jeung dirasa puas, abdi jeung kulawargi mondok di hotel daerah alun-alun
Salajengna, kaping 31 Desember abdi sakulawargi angkat ka bumina pun ua di Buah Batu, ngempel ngarayakeun wengi pergentosan taun.
Abdi jeung kulawarga angkat ti hotel alun-alun kinten-kinten tabuh lima sore margi sieun macet di jalanna. Dugi ka bumi pun ua pas azan Isya.
Kinten-kinten tabuh 9 wengi acara dikawitan meuleum sate jeung beuleum ketan dicocol ku sambel oncom.
Kembang api sareng pepetasan tos ngawitan rame tingbaranyay di langit, endah pisan katingalna.
Kaleresan bumi pun ua di tengah kota jadi katingali jelas.
Puncakna, tabuh dua belas pas kembang api ti ditu ti dieu harurung nyaangan langit Kota Bandung.
Subuhna, abdi sakulawargi sadayana mulang ka Bogor.
Terjemahan:
Liburan tahun lalu saya dan keluarga berangkat ke Bandung dalam rangka liburan.
Kami berangkat sehari setelah pembagian rapot.
Sesampainya di Bandung, saya dan keluarga mendatangi tempat keramaian (wisata) seperti Dusun Bambu dan Kebun Binatang.
Setelah dirasa bosan, kami menginap di hotel sekitar alun-alun.
Kemudian, tanggal 31 Desember saya dan keluarga berangkat ke rumah om di Buah Batu untuk berkumpul merayakan malam pergantian tahun baru.
Saya dan keluarga berangkat dari hotel di alun-alun sekitar pukul 5 sore dikarenakan takut macet dalam perjalanan. Lantas, tiba di rumah om selepas isya.
Sekitar pukul 9 malam, acara kumpul-kumpul dimulai dengan bakar sate dan ketan yang dibubuhi sambal oncom.
Kembang api dan petasan mulai ramai berseliwer di langit, terlihat indah dan memesona.
Kebetulan rumah om berada di pusat kota sehingga keramaian kembang api terlihat jelas.
Puncaknya, pukul 12 malam kembang api benar-benar menghiasi langit Kota Bandung.
Lalu, memasuki Subuh saya dan keluarga pulang ke Bogor.
3. Carpon Bahasa Sunda “Ngadamel Jelly sareng Babaturan”
Contoh Carpon Sunda Singkat tentang Sakola
Contoh Carpon “Angkat Sakola”
Karya: Rifa Hendriani
Hawa isuk anu tiis maturan lengkah gurung gusuh Siti ka sakola. Di jalan, anjeunna ningali rea rerencangan angkat ka sakola nganggo motor, angkot, atawa kandaraan sejenna. Sakapeung mah Siti ge hayang angkat ka sakola bari nyalse, teu kudu lulumpatan kawas kieu.
Siti sumping di sakola pas pisan bel disada. Mun telat samenit, anjeunna moal tiasa lebet ka sakola.
Karek ge rek asup ka kelas, salah saurang rencangna ngagorowok tarik pisan.
“Siti! Kabiasaan ih telat wae. Matakan mun angkat ka sakola teh ari teu boga motor mah naek angkot, beh teu kabeurangan. Untung we can aya guruna.”
Siti cicing teu nembalan cariosan rencangna. Hayanga mah kitu Siti ge, mung anjeunna kudu hemat sangkan tiasa nabung keur mayar biaya sakola.
Saatos diuk dina korsina, ka kupung deui ku Siti sababaraha babaturan sakelasna ngomongkeun.
“Uyuhan ih telat wae. Ceuk kuring mah coba manehna the naek angkot,” celetuk rencangna nu hiji.”
“Heueuh ih. Padahal da ongkos naek angkot mah teu sapira atuh. Meuni pelit,” tembal nu lain.
Manah Siti asa nyeri. Hayang ceurik harita keneh, mung anjeunna kudu kuat.
Isukanna, Siti angkat ka sakola Subuh keneh. Langit ge poek keneh. Anjeunna hayang ngabuktikeun yen anjeunna moal kabeurangan deui. Anehna, poe eta jalan teh macet. Kandaraan taya nu maju. Kitu oge kendaraan rerencangan Siti, taya nu maju hiji ge. Teras we Siti mapah di sisi jalan.
Di tungtung jalan, katingali ku Siti yen di jalan the keur dibenerkeun, eta anu nyababkeun macet. Untung we Siti teu naek angkot.
Siti sumping di sakola lima belas menit sateuacan bel disada. Di kelas ngan saukur aya sababaraha urang, teu saperti biasana. Siti diuk na korsina teras ngaluarkeun buku pangajaranna.
Bel disada, nu aya di kelas ngan sapuluh siswa, kaasup Siti.
“Kamarana nu lainna?” Taros Bu Minah.
“Teu acan sumping Bu. Saurna mah kapegat maceh,” jawab salah saurang rencangan Siti.
Dua puluh menit saatos bel, rea nu daratang. Siti ngarasa bungah kusabab anjeunna teu kabeurangan deui jeung teu kudu ngaraosan macetna jalan.
Carpon Sunda tentang Alam
Carpon Sunda tentang alam di handap ieu bisa dijadikeun rujukan.
Contoh Carita Pondok Bahasa Sunda
Carpon Sunda tentang Pendidikan
Carpon Sunda di bawah ini bisa dijadikan sebagai inspirasi ketika ada tugas dari sekolah untuk membuat cerpen berbahasa Sunda.
Carpon Sunda “Teu Meunang Nyandak HP ka Sakola“
Aya rerencangan abdi nu ngarana Angga sok nyanyandak HP ka sakola, padahal mah tos terang sadayana ge lamun di sakola abdi mah aya peraturan yen sakabeh siswana teu meunang nyandak HP ka sakolaan.
Dina hiji waktu, abdi jeung rerencangan sakelas keur aya kagiatan OSIS, ari abdi jeung babaturan nu lian mah sibuk itu ieu, tapi si Angga mah kalah ka jero kelas sabari anteng maen HP.
Abdi tos mere nyaho lamun ulah nyandak HP komo deui maen gim pas asup jam palajaran, lamun kanyahoan bisa-bisa dicokot ku guru eta HP.
“Angga, hayu urang nyieun jadwal kagiatan OSIS, ulah maen HP wae bisi disita,” abdi ngagorowok ka si Angga.
“Ah, sok weh tiheula, ke kuring nyusul,” timpal Angga.
Geus ti dinya, abdi balik deui ka ruangan OSIS, tapi poe eta si Angga ngadon teu mantuan jeung tuluy weh maen HP.
Isukanna, basa Pak Guru nerangkeun pelajaran, HP si Angga sada. Atuh manehna reuwaseun.
Pak Guru ngarasa keheul, teu lila HP si Angga dicokot. HP eta bakal dibikeun pas jam balik.
Si Angga era tur ngarasa salah. Manehna langsung teu bisa ngomong jeung ngaku yen salah geus mawa HP ka sakola.
Balik sakola, HP karek bisa dibawa. Teu kungsi lila, si Angga nyampeurkeun simkuring.
“Urang moal deui mawa HP ka sakola, ah. Geuning malah ngaganggu,” tuturna.
Isuk pageto, euweuh deui murid anu mawa HP ka sakola sabab mun kapanggih guru moal mere ampun jeung bakal aya hukuman ka siswa nu mamawa HP ka kelas.
Carpon Sunda Singkat tentang Sahabat
Carpon Sunda Babaturan (Karya: Kustian)
Dina hiji wanci, aya dua babaturan anu rakeut kacidaan nya eta Dinda jeung Rani. Maranehna ngabatur geus 3 taun lilana. Malih kalah loba oge jalma anu nganggap manehna the duduluran, da saking akrabna. Unggal isuk saencan mangkat ka sakola, Dinda sok nyampeur ka imah Rani sangkan bisa mangkat babarengan ka sakola.
Beurangna manehna boga jangji yen balik sakola teh rek nyimpan heula ka supermarket nu teu jaung jeung sakolana. Manehna ka dinya teh boga maksad rek meulikeun kueh jeung bajur keur ninina si Dinda. Ari ninina si Dinda teh jalma bageur, akuan pisan ari ka Rani teh, sanajan lain cucuna oge.
Lain eta hungkul, kadang mah ninina Dinda oge sok mere nasehat jeung duit jajan ka maranehna duaan.
Wanci geus nunjukkeun jam 3 sore, tapi Rani can aya keneh wae kabarna, Dinda ngadagoan di gang sakola bari maca novel nu dibawa dina tasna. Maca novel teh emang karesep Dinda, beda jeung Rani mah anu leuwih resep maen basket. Sanajan beda karesep, tapi manehna kacida akurna.
Lamun aya latihan basket di sakola, Dinda sok satia ngadagoan Rani latihan bari ku hayang-hayangna balik babarengan, kitu oge sabalikna.
Teu karasa wanci geus nunjukkeun jam setengah opat, “Aduh si Rani ka mananya?” Tanya Dinda dina jero hatena.
Dinda ngarasa bingbang kusabab geus 3 jam setengah manehna ngadagoan si Rani can aya kabar keneh wae.
Teu kungsi lila aya sora, “Dinda…!”
Jol weh saurang rumaja bari lulumpatan nyampeurkeun ka si Dinda. “Hampura, bieu kuring dititah ngabersihkeun lapangan heula saacan balik sakola, sabab poho can ngerjakeun tugas matematika,” tembal Rani tandes naker.
Bari rada ngambek jeung campur karunya sanggeus ngadenge alesan ti Rani, akhirna maranehna jadi oge mangkat ka supermarket.
“Ceuk urang oge lamun aya pancen di sakola, geura buru gawekeun peutingna,” Dinda mere nasehat ka Rani bari rada ngambek saeutik.
Satepina di tempat nu dituju, manehna tuluy meuli kueh jeung pulah pilih naon sakirana kado anu pantes keur ninina si Dinda. Dinda jeung Rani ahirna meulikeun baju keur hadiah nu rek manehna beulikeun ka ninina.
Baju nu dipilih warna koneng, sabab nyocokeun jeung warna kulit Nini, beh rada ca’ang meureun pikirna teh nu nyieun manehna ngarasa eta hadiah anu paling cocok keur manehna belikeun jang ninina.
Keur Rani, ninina Dinda geus dianggap ninina sorangan kusabab ninina si Dinda sok nyaruakeun rasa nyaah jeung kaasihna ka manehna, Rani mikanyaah pisan ka kaluargana Dinda.
Keur Rani, ngaluarkeun duit sakitu teu jadi masalah asalkeun nini atawa kaluarga Dinda nu lain bisa bungah. Sarengsena ngabalanjakeun kabutuhan naon wae nu maranehna hayang, manehna tuluy balik sabab maranehna geus didagoan di imah Dindan.
Satepina di imah, manehna geuwat disambut ku kaluarga Dinda. Kaluarga Dinda geus nganggap Rani teh salaku kaluarga. Salain bageur, kaluarga Dinda oge sok ngengetan ka Rani. Rasa kaluargaan anu teu bisa dibeunangkeun di kaluarga Rani, bisa dibeunangkeun di kaluarga Dinda.
Uyuhan da atuh Rani mah ngan ukur cicing duduanan jeung bapana. Salain kitu, bapa Rani mindeng mamangkatan gawe bae ka luar kota. Jadi, Rani sok ngarasa kasepian lamun aya di imah. Indungna geus lila papisah ti mimiti Rani umur 11 taun. Sanggeus bapa jeung indungna pisah, Rnai geus tara kapanggih deui jeung indungna.
Kusabab kitu oge, Dinda sok aya wae di deukeut Rani, sabab manehna embungeun lamun babaturana ngarasa kasepian, sabab pikirna ari babaturan mah lain ukuru diucapkaeun, tapi kudu dibuktikeun kalayan nyata.
(sumber: bahasasunda.com)
***
Itulah contoh carpon Sunda yang bisa kamu jadikan referensi, Property People.
Semoga ulasan mengencai contoh carpon bahasa Sunda di atas bermanfaat, ya.
Temukan ulasan menarik lainnya di Berita.99.co Indonesia.
Cek juga Google News Berita 99.co Indonesia yang selalu menyajikan informasi up to date seputar properti.
Sedang mencari hunian impian? Tenang, membeli rumah kini bisa #segampangitu bersama www.99.co/id, lo.
Yuk, kunjungi sekarang juga!