Berita Ragam

5 Contoh Carita Babad Sunda yang Singkat dan Menarik

5 menit

Orang Sunda harus tahu carita babad untuk menambah wawasan dan pengetahuan seputar sejarah tanah Sunda yang sangat menarik untuk disimak.

Sebagian dari Property People pasti pernah mendengar mengenai carita babad Prabu Siliwangi atau Sunan Gunung Jati.

Keduanya merupakan cerita babad yang sudah dikenal oleh masyarakat Indonesia khususnya Jawa Barat.

Namun, selain cerita babad tersebut, tahukah kamu apa saja carita babad bahasa Sunda lainnya?

Rupanya, ada sejumlah cerita babad yang tak kalah menarik untuk dipelajari dan dipahami, lo.

Hanya saja, tak sedikit yang belum mengetahui apa itu carita babad dan contohnya.

Menurut Kamus Basa Sunda Danadibrata, babad adalah cerita kejadian zaman dahulu dan disejajarkan dengan kata sejarah.

Isi babad merupakan perpaduan fakta, sejarah, dan cerita mitos yang terdiri dari struktur carita babad.

Meski demikian, babad termasuk warisan berharga masyarakat Sunda yang mesti dilestarikan.

Simak contoh cerita babad Sunda yang dikutip dari buku Panggelar Basa Sunda Pikeun Murid SMA/SMK/MA/MAK Kelas X oleh Yayat Sudaryat dan sumber lainnya.

5 Contoh Carita Babad

1. Carita Babad Sumur Bandung

carita babad

Sumur Bandung, Sumur Karahayuan

Sumur Bandung mèrè karahayuan ka rahavat Bandung
Sumur Bandung mèrè karahayuan ka Dayeuh Bandung
Sumur Bandung rahayuning Dayeuh Bandung

(Bandung 25 Mèi 1811. Radèn Adipati Wiranatakusumah II)

Kawasna teu loba anu apal kana tulisan di luhur. Éta tulisan téh mangrupa prasasti nu jadi titimangsa ayana sumur Bandung. Dina éta prasasti jelas pisan ditulis Sumur Bandung méré karahayuan ka rahayat Bandung.

Sumur Bandung téh mangrupa cikal bakal lahir jeung ngadegna Kota Bandung nepi ka ayeuna. Hanjakalna, ayana Sumur Bandung téh teu loba dipikanyaho boh ku urang Bandungna sorangan boh ku urang ti luar Bandung.

Padahal, lamun ditilik tina sajarahna, Sumur Bandung téh perenahna di puseur Kota Bandung. Sumur Bandung dijieun ku Adipati Wiranatakusumah II dina tanggal 25 Méi 1811.

Teu jauh ti éta tempat diwangun ogé Masjid Agung, Pendopo Bupati, jeung alun-alun. Kiwari, Sumur Bandung téh perenahna di tukangeun Kantor PLN Cabang Jabar-Banten, Jln. Cikapundung Timur Bandung, atawa kurang leuwih 100 méter wétaneun Alun-Alun Bandung tur pagédéng-gédéng jeung Jln. Asia Afrika Bandung.

Perenahna mémang rada nyingkur, lantaran kahalangan ku Gedong PLN, padahal mun geus dijugjug mah Sumur Bandung téh ayana diwewengkon bagian tukang gedong PLN. Pa Engkus Kusnadi, anu nyesepuhan di Sumur Bandung, waktu jumeneng kénéh dina taun kungsi nyaritakeun sajarahna.

Cenah gé kieu: Cék ujaring carita, Sumur Bandung téh didamel ku Bupati Bandung ka-2, Radén Adipati Wiranatakusumah II. Harita, samulihna ti Subang, kairing ku para ponggawa Radén Adipati Wiranatakusumah II reus di hiji leuweung.

Anu dipimaksud leuweung dina ieu tulisan nya éta tempat anu ayeuna jadi Sumur Bandung téa. Bakat ku nahnay, kawuwuh tos jengkar ti tempat anu tebih, Radén Adipati Wiranatakusumah II nyarandékeun salirana kana hiji tangkal gedé. Teteken nu dicandakna, ditancebkeun kana taneuh. Lajenganjeuna mah kulem ditungguan ku para ponggawa satiana.

Kira-kira meunang sapanyeupahan, Radén Adipati Wiranatakusumah II lugay, ngadeg, teras nyabut tetekenna. Barang teteken dicabut, tina urut teteken téa ngaburial cai. Ceuk ujaring carita, salasaurang ponggawa tumanya: “Gamparan, geuning tina tilas teteken téh kaluar cai, dupi étacai naon?” “Enya… éta cai Sumur Bandung. Cai nu isuk jaganing géto bakal jadi kahuripan jeung karahayuan urang Bandung,” waler Radén Adipati Wiranatakusumah II.

Satuluyna, cenah, kukasaktén Raden Adipati Wiranatakusumah nu jelas henteu samanéa, dina waktu sapeuting, urut teteken téh dijadikeun sumur. Teu aya anu apal kalayan pasti sabaraha jerona Sumur Bandung téh. Ngan anu geus pasti, kaahèngan Sumur Bandung tèh, ti baheula nepika ayeuna caina teu kungsi saat jeung teu kapangaruhan ku cai solokan Cikapundung nu aya wètaneunana tur kawates ku tèmbok Gedong PLN.

Cai Sumur Bandung canèmbrang hèrang. Lian ti éta, nimba cai ti Sumur Bandung teu bisa sagawayah, kudu tartib jeung ditimba ku jalma anu dipercaya ku sesepuh (harita Pa Engkus Kusnadi téa) atawa jalma anu geus biasa. Timbana émbér leutik disambung ku tali rapia anu panjangna kurang Ieuwih saméter satengah.

Sumber: scribd/assyifa

2. Carita Babad Maja Kidul Dalem Sukahurang Cirebon

Kira-kira dina abad ka-16 Maséhi di wéwéngkon Maja Kidul aya hiji pilemburan dekeut sisi walungan Cilongkrang. Harita mah walungan Cilongkrang téh estu jadi tempat pangjugjugan balaréa, sabab salian ti caina canembrang herang turta beresih ogé kasohor loba laukan, kayaning lauk beunteur, tawés, jeung pangpangna panglobana mah nyaéta lauk hurang.

Ari anu mingpin éta kampung téh nyaéta hiji jalma anu luhung ku élmu jembar ku pangabisa, nu asalna ti Cirebon. Jenenganana Syekh Abdul Jalil. Anjeunna diutus pikeun nyebarkeun agama Islam di wéwéngkon pakidulan.

Kusabab anjeunna reseup tuang jeung hurang, nya ti harita katelah ngarana jadi “Dalem Sukahurang” nu ayeuna makamna aya di Blok Salasa Desa Maja Selatan. Dina mancen tugasna, Dalem Sukahurang téh dibaturan ku réncangna nya éta Bapa Kelindur. Ari Bapa Kelindur téh nyaéta muridna Pangeran Cakrabuana ti Cirebon.

Dina hiji waktu, Syekh Abdul Jalil ngawangkong jeung Bapa Kelindur. “Héh Pa Kelindur, asana téh kacida alusna lamun di ieu pilemburan urang ngadegkeun hiji pasantrén pikeun ngajarkeun bagbagan élmu ka islaman?” saur Syekh Abdul Jalil.



“Ih atuh nya kantenan waé saé mah, abdi ogé panuju pisan upami Pangersa aya maksad ngadegkeun pasantrén mah, margi tempatna garenah, hawana tiis, atuh ka cai tempat susuci ogé caket bari caina herang sareng beresih.” témbal Pa Kelindur. “Nya sok atuh mun kitu mah ti ayeuna kénéh urang bismillahan, urang kukumpul bahan-bahanna, bari ajakan sapangeusi lembur sugan aya nu daék mantuan?” Saur Syeh Abdul Jalil deui.

“Sae, mangga. Keun abdi nu badé ngajakanna mah susuganan aya nu kersaeun ngabantuan.” Saur Pa Kelindur daria naker. Ti harita Syekh Abdul Jalil jeung Bapa Kelindur kalayan dibantuan ku sababaraha urang jalma pangeusi éta lembur babarengan ngumpulkeun bahan-bahan bangunan pikeun ngadegkeun pasantrén, kayaning kayu, batu, awi jeung sajabana.

Tapi anéh, bahan anu sakitu lobana téh unggal peuting ngurangan saeutik-saeutik nepi ka béakna. Sanggeus ditalungtik, singhoreng aya nu déléka. Bahan bangunan téh dipalingan ku pasukan jin buntung anu ngarasa teu panuju tempat éta dijadikeun pasantrén.

Hiji waktu, Bapa Kelindur ngintip hayang nyaho kumaha carana para pasukan jin buntung malingan éta bahan bangunan. Anjeunna naék kana tangkal maja. Tapi ngadadak ngalakukeuna bari ku hawa tunduh nepi ka saréan tilu poé tilu peuting dina tangkal maja téh, lantaran kasirep ku ajian jin buntung.

Ku ngaleungitna Pa Kelindur, Syekh Abdul Jalil hariwang sok sieun aya bahaya. Sanggeus ditéangan ka ditu ka dieu teu kapanggih, hop waé anjeunna boga sangka’an, moal boa diheureuyan ku jin buntung. Nya ti dinya anjeunna terus naék kana tangkal dahu, di dinya anjeunna ngadu’a ka Gusti Nu Maha Suci sangkan Bapa Kelindur bisa gancang kapanggih deui kalayan salamet.

Ku kersaning Gusti Yang Widi, ahirna Pa Kelindur bisa kapanggih deui malahan dialanteurkeun ku pasukan jin buntung, nu ngarasa taluk ku panasna hawa du’a Syeh Abdul Jalil. Pingpinan jin buntung ogé gancang serah bongkokan bari pokna: “Aduh ampun Kangjeng Syeh! Ti mimiti ayeuna pasukan kaula moal rék ngaganggu deui, jeung malahan siap bakal ngabantu kana pamaksadan Kangjeng Syekh ngadegkeun pasantren!”

Geus kitu mah hawa panas leungit, atuh tangkal “dahu” jadi pugur. Pugur hartina daunna maruragan, anu ahirna tangkalna ogé jadi paéh. Tah ti harita éta pasantrén nu diadegkeun ku Syekh Abdul Jalil téh dingaranan “Pasantrén Dahu Pugur” tepikeun ka ayeuna. Wallohu a’lam bishawab.

3. Carita Babad Limbangan

4. Carita Babad Cijulang

Kanggo urang Cijulang pituin mah, ngadangu istilah sajarah cijulang tantos émutan téh ngalayang kana “Sajarah Cijulang” anu sok diaos waktos “Ngabukutaun”. Numutkeun “Sajarah Cijulang” mah, linggihna di Ta’al, gaduh putra sapuluh, genep anu tumetep di Cijulang nyaéta Sabarudin, Karangmawangsa, Sukamawangsa, Parajasinga, Martadimangsa, sareng Ayuwetan.

Ari Aki jeung Nini Gede anu ngalalakon dina “Sajarah Cijulang”, lanceuk pangedena Jang Langas, urang Kedungrandu, ayeuna eta tempat aya keneh, jadi ngaran hiji desa di Kacamatan Patikraja Kabupaten Banyumas. Ari nu jadi cukang lantaran Aki Gede abur-aburan, kusabab kahayang Kenjeng Sinuwun nu jadi panguasa di Banyuwas ngawin anak awewe Aki Gede teu disaluyuan.

Inggis ku bendu Sinuwun jeung ngadenge beja rek dirurugan, Aki jeung Nini Gede sabondoroyot dibaturan ku sawidak kuren terus mentas di Jaranmaganti (Cimanganti) teras linggih di Pakemitan.

Hariwang kapanggih ku pasukan Sinuwun, mindah deui Aki Gede teh ka Cikaso terus ka Kolemba, Bojong Cikur, Bubulak Karang Simpang, Binangun, terus ka Nagrog rek neangan tempat pinagaraeun tapi geus eweuh nu suwung, teras balik deui ka Binangun nembong geus aya Gandek Sinuwun nu dipiwarang neangan Aki Gede saparakanca.

Teras eta Gandek ku Aki gede dibadamian sangkan ngadehes ka Dalem Sukapura anu kagungan nagara, ari aki gede terus neangan tempat pinagaraeun, mimiti ka tempat nu jadi Lembur Sarakan, Cikadu, Cikawung, Pepedan, Cipanengah, Sipatahunan, Cipakawuk, jeung Gurago anu teras dijadikeun lembur ngalih ti Binangun.

Ngarasa mantep di Gurago, terus Aki Gede nitah anak awewena jeung minantuna ka Sukapura ngadeheus Kanjeng Dalem, nu harita ngarana Dalem Tambela.

Harita Cijulang teh asup ka wilayah Sukapura sanes Galuh siga ayeuna, dina “Sajarah Cijulang” kacarioskeun yen anu janten kapala pamarentahan teh Dalem Tambela di Sukapura, jadi kurang leuwih Aki Gede teh jumeneng dina mangsa Cijulang masih keneh janten bagian ti Sukapura anu ayeuna mah gentos nami janteun Tasikmalaya.

Sapertos dicutat di luhur, Cijulang zaman Aki Gede sanes bawahan Galuh tapi Sukapura anu ngagusti ka Karajaan Mataram, eta teh kulantaran nalika Karajaan Galuh runtuh dina taun 1528 wilayahna mung kantun saalit.

Waktos Sunan Amangkurat I janteun Raja Mataram, struktur wedana/bupati dihapus, digentos janten Ajeg, aya 12 Ajeg di wewengkon Mancanagara Kilen, salah sahijinya Sukapura.

Taun 1677, wilayah ieu dipasrahkeun ka VOC teras jadi bawahan Bupati Kumpeni di Cirebon, status ieu teu robah waktos VOC bangkrut digentos ku Pamarentahan Hindia Walanda, nembe dina tahun 1864 dialihkeun janteun bagian ti Karesidenan Priangan.

Waktos Pamarentah Walanda ngayakeun reorganisasi wilayah, dumasar kana Staatsblad 425 tahun 1931, Cijulang masih keneh janten kawadanaan anu lebet ka Kabupaten Sukapura, harita nu janten Wadana, R. Somawirya.

Sumber: basasunda.com

5. Carita Babad Panjalu

***

Itu dia carita babad Sunda yang menarik.

Semoga bermanfaat, Property People.

Jangan lewatkan informasi menarik lainnya di Berita.99.co.

Kamu juga bisa membaca artikel seputar desain rumah dan properti melalui Google News kami.

Dapatkan berbagai promo, diskon, hingga hunian terjangkau di www.99.co/id.

Temukan penawaran terbaiknya yang #segampangitu buat kamu!




Ilham Budhiman

Content Editor
Lulusan Sastra Daerah Unpad yang pernah berkarier sebagai wartawan sejak 2017 dengan fokus liputan properti, infrastruktur, hukum, logistik, dan transportasi. Saat ini, fokus sebagai penulis artikel di 99 Group.
Follow Me:

Related Posts